Serat Nu Leungiteun (Keur Almarhum Mang Ayi Beutik)

Serat Nu Leungiteun (Keur Almarhum Mang Ayi Beutik) Ayi Beutik (Dokumentasi/Net)

<p>Aya citangis nu sok ngembeng saprak salira mulang. Aya karempan. Aya honcéwang. Aya hanjelu dina ratugna jajantung. Tangtu iklas pisan atuh lamun dina tungtungna urang kudu pipisahan, da apan ari kangaranan mahluk, geus papada neundeun kasadaran pamohalan bisa terus babarengan.p>

<p>Ieu surat ukur tutulisan kasono ti uing, lain tulisan hadé, komo jeung bakal kapaké, uing jalma nu karék brol ka alam dunya nalika mang Ayi mah geus pinuh ku karep jeung ketak pikeun ngabobotohan persib tuluy ngadegkeun Viking. Teu, teu sugan wawuh dalit nepi ka mana-mana indit bareng ngabobotohan. Teu wawuh munding wawuh munding acan. Tapi najan kitu, ieu diri bet asa deukeut jeung salira, asa boga papagon dina ngalalakon, upama uing ngabobotohan persib.p>


<p>Ras inget ka waktu harita, opat belas taun ka tukang, Persib ngalawan Persijap, uing budak olol lého nunutur salira leumpang ti timur stadion siliwangi ka vip, urang papada apal aya kajadian naon harita, nu tangtu ti dinya pisan mimiti uing kacida kataji ku salira, Mang Ayi.p>

Yuk gabung channel whatsapp REPUBLIKBOBOTOH.COM untuk mendapatkan berita-berita terbaru tentang Persib, Bobotoh, Liga 1, dan ragam berita menarik lainnya seputar Bandung Raya. Klik di sini (JOIN)


<p>Ras deui inget basa persib lawan Persija nu meunang tilu enol, mang Ayi na luhur pager tribun timur ngeupeulkeun dua leungeun nyanghareup ka parapamaén persib méméh prungna pisan pertandingan.p>

<p>Aya ku tegep ieu sosok, gerentes uing dina haté. Inget deui harita sok remen aya pidio riributan di stadion Bénténg Tangerang, ku gagahna mang Ayi harita ngadeg nyanghareupan kaayan dina buméla kangaranan bobotoh Persib. Tegep, gagah, moal aya bandinganana, moal aya duana.p>

<pta nu gagah, ari urang Sunda mah angger wéh nu jadi khasna téh apan beuki heureuy. Uing, lain ukur ngadéngé carita, ceuk, cenah, ti sobat dalit sobat dalit mang Ayi, kungsi harita lalajo persib aing nu dina STV téa, aya momen mang Ayi diwawancara, ditanya ngeunaan prédiksi skor pertandingan jeung saha nu nyitak gul. Ku énténg atuh mang Ayi mah ngajawab nu bakal nyitak gul téh Usep Munandar, hahaha nuhun, kungsi ih Usep Munandar nyitak gul.p>

<p>Ukur carita bubukna, ti uing nu can kungsi gunem sakecap waé ogé jeung mang Ayi. Mang, mang Ayi, kacida loba pulungeun nu ku uing karasa, kacida loba jasa mang Ayi nu geus kaala ku uing saréréa.p>

<p>Najan beurat kudu pisah, urang iklas nuturkeun jalan Pangéran. Enya katulahna mah katulah sorangan, bongan ngalalanyahan, bongan ngamimitian. Urang kudu iklas mungkas. Papada luas najan baluas. Pangdua nu bisa dironjatkeun ku uing saréréa, mugia bagja di alam baka.p>

<p>Pileuleuyan mang Ayi, pileuleuyan.p>

<p><strong><em>Ditulis ku Gian Hervyagi, aya dina twitter @gianhervyagiem>strong>p>

Follow Berita Republik Bobotoh di Google News

Piksi

Berita Terkini